Minggu, 11 September 2016

Puisi Guru Pembelajar

"PUISI TENTANG GURU PEMBELAJAR"

Guru pembelajar mamawa modul
Nu dibaca ukur judul
Ngarasa macana kedul
Rek daring rumaos jadul

Ngaraos nilai amburadul
Niatna diskusi modul
Datang ngariung kalah ngawadul
Modul kalah murudul.

Daring oh daring
Moal matak jadi hebring
Nu aya bakal pusing
Mikiran daring nepi ka gering

Komo bari murang maring
Bakal nambahan jadi darting

Modul sapuluh loba ngeluh.
Mun dibaca kalah balubuh
Pagawean teu kaunduh
Tungtungna jadi tunduh

Tidak ada komentar:

Posting Komentar